Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ranggeuyan Kamulyaan keur Jalma Takwa di Akherat
NU Online · Kamis, 26 September 2024 | 20:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Di balik perintah Allah selalu tersimpan banyak keutamaan, kemuliaan, rahasia, dan hikmah yang sangat mendalam. Demikian halnya perintah takwa, di dalamnya terdapat kemuliaan dan keistimewaan yang akan diraih, baik di dunia maupun kelak di akhirat.
Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Ranggeuyan Kamulyaan keur Jalma Takwa di Akherat.” Untuk mencetak silahkan klik fitur download berwarna merah di desktop pada bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat!
Khutbah I
إِنّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلهَ إِلاّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن
أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: لِلَّذِيْنَ أَحۡسَنُواْ مِنۡهُمۡ وَٱتَّقَوۡاْ أَجۡرٌ عَظِيمٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Jamaah Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur, Dzat anu parantos ngalimpahkeun rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana. Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw, oge ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi’in kalih tabia’atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna.
Sateuacan ngalajengkeun khutbah, sakumaha biasa khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayanma. Sabab, ngan katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana.
Jamaah Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Saenya-enyana Alloh moal rek ngalalaworakeun kasaean sareng katakwaan hamba-Na. Mantenna moal sulaya nyumponan kana jangji-Na, kalebet jangji ka para hamba-Na anu takwa, imma di dunya wa imma di akherat. Dina leresan ieu, Imam Al-Ghazali parantos nguningakeun sababaraha rupi kamulyaan anu disiapkeun ku Alloh kanggo jalmi-jalmi takwa di akherat.
Kahiji, jalmi takwa bakal diringankeun sareng digampilkeun ku Alloh nalika mayunan sakaratul maut. Sedengkeun sakaratul maut teh numutkeun hiji riwayat, nyerina ibarat dicabutna hiji tangkal cucukan tina lebet padaharan sakaligus.
Digambarkeun dina hadits, keur jalmi anu soleh mah, nyerina kamatian ibarat dicabutna hiji rambut tina adonan tipung, sedangkeun numutkeun riwayat sanes mah, kaluarna teh lir ibarat kaluarna cai tina teko dina pada lancar ngalir teu aya halangannana.
Kadua, jalmi takwa bakal disalametkeun tina patarosan sareng fitnah kubur. Benten sareng jalmi-jalmi kufur, jalmi-jalmi anu takwa mah sapertos diajarkeun sareng ditungtun dina ngawaler patarosan-patarosan malaikat Munkar Nakir. Sakumaha dina sababaraha riwayat, patarosan-patarosanna teh di antawisna perkawis Pangeran anu diibadahan, agama anu dicepeng, rosul anu dituturkeun, kitab anu janten padoman, sareng dulur nalika di alam dunya.
Hal ieu oge teu leupas tina jangji Alloh:
يُثَبِّتُ ٱللَّهُ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ بِٱلۡقَوۡلِ ٱلثَّابِتِ فِي ٱلۡحَيَوٰةِ ٱلدُّنۡيَا وَفِي ٱلۡأٓخِرَةِۖ
Hartosna, “Alloh neguhkeun (iman) jalmi-jalmi anu iman kalayan ucapan anu teguh dina kahirupan dunya sareng akherat,” (Q.S. Ibrahim [14]: 27).
Jamaah Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Katilu, jalmi takwa bakal dipasihan bewara anu bagja, karidhoan, sareng rasa aman ku Alloh, sakumaha dina dawuhan-Nana:
أَلَّا تَخَافُوْا وَلَا تَحۡزَنُوْا وَأَبۡشِرُوْا بِٱلۡجَنَّةِ ٱلَّتِي كُنتُمۡ تُوعَدُوْنَ
Hartosna, “Aranjeun ulah rek sieun sareng ulah rek ngaraos sedih; anggur mah kudu bungah ku surga anu tos dijangjikeun ku Alloh ka aranjeun,” (QS. Fushilat [41]: 30).
Ieu ngandung hartos, moal aya kasieun keur jalmi-jalmi anu takwa kana naon rupi hal anu baris dipayunan di akherat.
Kaopat, jalmi takwa bakal dilapangkeun di alam kuburna, dipasihan cahaya anu caang, sareng ditempatkeun dina salah sawios taman surgana Alloh dugia poe kabangkitan. Dina salah sawios hadits disebatkeun, saparantosna hiji hamba ngawaler pertarosan Munkar-Nakir kalayan lancar, maka kadangu sasauran, “Maka pek amparkeun hiji taman surga keur manehna.” (HR. Abu Dawud).
Dina hadits sanesna balesan keur jalmi mu’min tur muttaqin diuningakeun:
إنَّ الْمُؤْمِنَ في قَبْرِهِ لَفِي رَوْضَةٍ خَضْرَاءَ، فَيُرْحَبُ لَهُ قَبْرُهُ سَبْعُوْنَ ذِرَاعًا، وَيُنَوَّرُ لَهُ كَالْقَمَرِ لَيْلَةَ الْبَدْرِ
Hartosna, “Saenya-enyana jalmi anu mu’min di jero kuburna aya dina taman surga anu hejo endah, kuburannna bakal nyambut anjeunna kalayan ngalapangkeun diri salega tujuh puluh siku, oge dicaangkeun keur anjeunna lir ibarat bulan purnama,” (HR. Ibnu Hibban).
Kalima, jalmi takwa bakal diselamatkeun tina huru-hara Kiamat, dibangkitkeun sareng dikumpulkeun dina poe Kiamat dina kaayaan agung tur mulya, wajah na moncorong, bari nganggo anggoan mahkota kalayan dipersiapkeun kanggo papayun-payun sareng Pangeran aranjeunna sakumaha dawuhannana:
وُجُوْهٌ يَّوْمَىِٕذٍ نَّاضِرَةٌۙ، اِلٰى رَبِّهَا نَاظِرَةٌۚ
Hartosna, “Wajah-wajah jalmi mu’min dina poe eta sumringah. Ka Pangerannana aranjeunna bakal ningali,” (Q.S. al-Qiyamah [75]: 22-23).
Kagenep, jalmi takwa dipasihan kitab catetan amal ti palih payun atanapi ti katuhu. Sedengkan, jalmi anu cilaka bakal dipaparin kitab catetan amal ti palih tukang atanapi ti palih kenca. Ku hal sakitu hayu urang seueurkeun ngaos doa ieu nalika wudhu:
اَللَّهُمَّ آتِنِي كِتَابِي بِيَمِيْنِي وَحَاسِبْنِي حِسَابًا يَسِيْرًا
Hartosna, “Ya Alloh, pasihkeun kitab catetan amal abdi ti palih katuhu, oge hisab abdi ku hisaban anu enteng.”
Katujuh, jalmi takwa bakal diringankan dina hisaban, malahan sapalih di antarana bakal lolos tina hisaban. Di antawis perkara anu dihisab teh nyaeta harta kakayaan. Diriwayatkeun, Nabi Isa salaku nabi pang miskinna, lebet surgana langkung payun lima ratus tahun tinimbang Nabi Sulaiman salaku nabi pang beungharna. Lambatna Nabi Sulaiman lebet surga gara-garana mayunan hisab harta.
Kadalapan, jalmi takwa bakal dibeuratkan timbangan amalna, malahan sabagian di antawis aranjeunna dibebaskeun tina timbangan amal. Kaitan sareng timbangan amal ieu, Kangjeng Rosul saw parantos ngajarkeun dua kalimat anu tiasa ngabeungbeuratan timbangan kasaean urang, nyaeta:
سُبْحَانَ اللّٰهِ وَبِحَمْدِهِ، سُبْحَانَ اللَّهِ الْعَظِيْمِ
Kasalapan, jalmi takwa bakal dihadirkeun kana telaga Kangjeng Nabi saw sareng dipasihan waktos kanggo ngaleueut caina, di mana teu aya hiji jalmi anu ngaleueueut air talaga Kangjeng Rosul anging moal ngaraos hanaang deui dugika lebet surga.
Kasapuluh, digampilkeun sareng disalametkeun nalika meuntas dina jembatan as-Shirath. Peryogi kauninga, jembatan as-Shirath teh mangrupikeun jembatan anu ngahubungkeun surga sareng neraka. Sing saha wae anu tikosewad maka bakal ragrag kana naraka. Saluyu sareng amal masing-masing, manusa dina waktos harita nu meuntas jembatan ieu aya nu sacepet kilat, anu nu jiga lumpat, aya anu mapah biasa, aya oge ngarangsod. Sanaos ti eta, keur jalma anu cilaka, seukeutna eta jembatan lir ibarat mata pedang.
Kasabelas, jalma anu takwa bakal dipasihan syafaat ti para nabi sareng rasul. Sakumaha kauninga, syafaat pang ageungna teh disebat syafa‘atul udhma Kangjeng Nabi Muhammad anu sakaligus janten syafaat pembuka. Salajengna, nembe hamba-hamba anu sanes tiasa maparin syafaat.
Kadua belas, jalmi takwa bakal dipasihan balesan anu ageung, salajengna dilebetkeun kana surga kani’matan anu abadi, sareng ngengingkeun ridha Alloh, malahan tiasa langsung pendak sareng Mantenna, anu mangrupikeun kani’matan anu teu aya padana, sareng teu tiasa digambarkeun ku bahasa. (Imam Ghazali, Minhajul ‘Abidin, kaca 104-105).
Mudah-mudahan urang sadayana sing kalebet jalmi takwa anu kenging rupi-rupi kamulyaan ti Alloh, di dunia miwah akheratna. Amin ya robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُهُ نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلاً وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلًالًا طَيِّبًا وَ تَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّٰهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Rais 'Aam PBNU Ajak Pengurus Mewarisi Dakwah Wali Songo yang Santun dan Menyejukkan
2
Fantasi Sedarah, Psikiater Jelaskan Faktor Penyebab dan Penanganannya
3
Kisah Levina, Jamaah Haji Termuda Pengganti Sang Ibunda yang Telah Berpulang
4
Pergunu Buka Pendaftaran Beasiswa Kuliah di Universitas KH Abdul Chalim Tahun Ajaran 2025
5
Pakai Celana Dalam saat Ihram Wajib Bayar Dam
6
Inses dalam Islam: Dosa Terbesar Melebihi Zina, Dikecam Sejak Zaman Nabi Adam!
Terkini
Lihat Semua