Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 14 Kamulyaan keur Jalma Takwa di Alam Dunya

NU Online  ·  Rabu, 18 September 2024 | 15:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: 14 Kamulyaan keur Jalma Takwa di Alam Dunya

Ilustrasi takwa. (Foto: NU Online)

Di balik perintah Allah selalu tersimpan banyak keutamaan, kemuliaan, rahasia, dan hikmah yang sangat mendalam. Demikian halnya perintah takwa yang tersebar dalam ayat-ayat Al-Quran. Imam Ghazali dalam kitab Minhajul Abidin mengungkapkan sejumlah keutamaan yang akan didapat oleh orang yang bertakwa.

 

Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Gambaran Talaga Nabi sareng Jalmi anu Ngaleueut Caina” Untuk mencetak silahkan klik fitur download berwarna merah di desktop pada bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat! 

 

Khutbah I

 

إِنّ الْحَمْدَ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِن سَيّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وِأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدّيْن

 

أَمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: لِلَّذِينَ أَحۡسَنُوْا مِنۡهُمۡ وَٱتَّقَوۡا أَجۡرٌ عَظِيْمٌ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمِ 

 

Sidang Jumah rohimakumulloh,  

Tipayun, hayu urang sami-sami manjatkeun puji kalih syukur ka Alloh Robbun Gofur, Dzat anu parantos ngalimpahkeun rupi-rupi ni’mat ka urang sadayana. Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad Saw, oge ka kulawargina miwah para sahabatna, tabi’in kalih tabia’atna, dugika ka urang sadayana salaku umatna. 

 

Sateuacan ngalajengkeun khutbah, sakumaha biasa khotib seja ngadugikeun wasiat takwa khusus ka diri khotib pribadi, umum ka ahli jumah sadayana. Sabab, ukur katakwaan sareng kaimanan anu janten ukuran kamulyaan hiji hamba di payuneun Pangerannana. 

 

Sidang Jumah rohimakumulloh,  

Di sapengkereun parintah Alloh tangtos aya kautamaan, kamulyaan, rahasiah, sareng hikmah anu kalintang saena. Nyakitu keneh dina parintah takwa anu sumebar dina ayat-ayat suci Al-Quran. 

 

Peryogi kauninga ku urang sadayana, sacara bahasa, takwa teh hartosna ‘sieun’, ‘waspada’, sareng ‘ati-ati.’ Ma’na bahasa ieu salajengna ngembang janten ma’na istilahna, nyaeta takwa dihartoskeun ku rasa sieun, waspada, sareng ati-ati kana sagala rupi hal anu ditetapkeun ku Allah, imma parentah atanapi panyegah-Na. Matak teu heran nalika kecap takwa dima’naan hiji katundukan atanapi ketaatan kana parintah Gusti Alloh sareng nebihan kana sagala rupi panyegah-Na.   

 

Sidang Jumah rohimakumulloh,  

Imam Al-Ghazali dina kitab Minhajul Abidin parantos ngawincik 40 kautamaan anu baris dikengingkeun ku jalmi anu takwa: 20 di antawisna dipasihkeun di alam dunya sareng 20 di akherat. Tah dina ieu khutbah, 20 kamulyaan nu dipasihkeun di alam dunya baris dipadetkeun janten 14 kamulyaan, kalayan ditambih penjelasan sapuratina.   

 

Kahiji, jalmi takwa kenging pujian Alloh, miwah jangji balesan sareng karunia-Na. Urang ge tiasa ngabayangkeun kumaha bungah jeung bagjana nalika kenging pujian ti papada makhluk, oge kasaean urang diugung-ugung di payuneun khalayak seueur. Kantenan deui upami pujian eta teh dongkapna ti Dzat anu Maha Kawasa. Salah sawios jangji Alloh keur jalmi takwa  anu aya dina lebet ayat di handap ieu:

 

لِلَّذِيْنَ أَحۡسَنُوا مِنۡهُمۡ وَٱتَّقَوۡا أَجۡرٌ عَظِيْمٌ 

 

Hartosna, “Keur jalma-jalma anu midamel kahadean di antara aranjeunna sareng anu takwa aya pahala anu ageung,” (QS. Ali ‘Imran [3]: 172). 

 

Kadua, jalmi takwa kenging panuhun sareng penghormatan ti Alloh. Penghormatan ti makhluk wae oge terkadang tos ngajantenkeun urang ngaraos terhormat, bangga, sareng mulya, kantenan ieu penghormatannana sumping ti Dzat Anu Maha Mulya.    

 

Katilu, jalmi takwa bakal dipika cinta ku Alloh swt. Namina tos dipika cinta, maka paneja sareng kahoyong oge biasana  bakal dipaparinkeun. Kantenan ieu mah nu masihanna teh Dzat anu ngagaduhan  sagalana. Hal ieu sakumaha anu tos diuningakeun dina ayat:

 

إِنَّ ٱللّٰهَ يُحِبُّ الۡمُتَّقِيْنَ 

 

Hartosna, “Saenya-enyana Alloh mikacinta jalma-jalma anu takwa,” (QS. at-Taubah [9]: 7).      

 

Kaopat, urusan jalmi takwa bakal diurus,  diatur, sareng diawasi langsung ku Alloh, sakumaha ayat perintah takwa nyalira, anu ditungtungan ku jangji pangawasan-Nana: 

 

وَاتَّقُوا اللّٰهَ الَّذِيْ تَسَاۤءَلُوْنَ بِهٖ وَالْاَرْحَامَۗ اِنَّ اللّٰهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيْبًا

 

Hartosna, “Jeung kudu tarakwa aranjeun ka Alloh anu ku aranjeun dianggo  nami-Na kanggo saling penta, oge (jaga) ku aranjeun hubungan silaturrahim. Saenya-enyana Alloh sapapaosna ngajaga sareng ngawaskeun aranjeun,” (QS. An-Nisa’ [4]: 1).   

 

Kalima, jalmi takwa bakal dihilangkan kasusahna, salamina bakal dipasihan jalan kaluar kanggo masalahna, oge dipasihan rezeki tina jalan anu teu disangka-sangka,  sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala:

 

وَمَنْ يَّتَّقِ اللّٰهَ يَجْعَلْ لَّهٗ مَخْرَجًاۙ، وَّيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لَا يَحْتَسِبُۗ

 

Hartosna, ”Sing saha jalma anu takwa ka Alloh maka Mantenna bakal ngayakeun keur anjeunna jalan kaluar; oge bakal maparin rezeki tina arah anu teu disangka-sangka,” (Q.S. ath-Thalaq [65]: 2-3).

 

Sidang Jumah rohimakumulloh 

Kagenep, jalmi takwa salawasna kenging pitulung sareng panangtayungan Alloh tina ganguan jalmi-jalmi anu zolim.  

 

Katujuh, jalmi takwa salawasna bakal direncangan sareng dipasihan katenangan, sahingga moal sieun kana kaayaan naon wae, oge moal sieun kana kasusah naon wae.   

 

Kadalapan, jalmi takwa bakal dianugerahan kamulyaan diri, moal daek direndahkeun atanapi dilaleykeun ku dunya. Muamalahna sareng  dunya ukur sabatas dina panangan, teu dugi kana hate kajabi anu patali sareng urusan akherat. Dirina sadar kana ayat anu nguningakeun:

 

وَمَا الْحَيٰوةُ الدُّنْيَآ اِلَّا لَعِبٌ وَّلَهْوٌۗ

 

Hartosna, “Sareng teu aya sanes kahirupan dunya teh anging ti kaheureuyan sareng bahan lulucon hungkul,” (QS. Al-An‘am  [6]: 32).

 

Kasalapan, jalmi takwa salawasna dipasihan kalapangan sareng kabeungharan hate. Sedengkeun jalmi anu beunghar hate langkung beunghar tibatan jalmi anu beunghar ku dunya. Hatena bakal diliputan ku katenangan, teu kaget ku ujian sareng tipu daya makhluk, teu sedih kaleungitan perkara, sabab hatena yakin naon anu nimpa asalna ti Allah.

 

Kasapuluh, hate  jalmi takwa bakal salamina caang ku cahaya, pituduh, rusiah Alloh, hikmah, sareng elmu, sakumaha dawuhanna:

 

وَاتَّقُوا اللّٰهَۗ وَيُعَلِّمُكُمُ اللّٰهُۗ وَاللّٰهُ بِكُلِّ شَيْءٍ عَلِيْمٌ

 

Hartosna, “Jeung kudu tarakwa aranjeun ka Alloh; jeung Alloh bakal ngajar aranjeun; oge Alloh teh Maha uninga kana sagala perkara,” QS. Al-Baqarah [2]: 282).

 

Kasabelas, jalmi takwa bakal dipika cinta, dipihormat, malahan disegani ku sadayana jalmi, alim atanapi awam, jalmi sae atanapi jalmi jahat. Pasalna, Alloh nyimpen kaagungan, kacintaan, sareng wibawa dina dirina, sahingga jalmi sanes janten sieun, isin, sareng teu berani midamel anu teu pantes.

 

Kadua belas, jalmi takwa bakal dipaparin kabarokahan dina hirupna. Kabarokahan teh nyaeta nambihna kasaean kana kasaean anu tos aya. Kabarokahan dina elmu, yuswa, harta, sareng turunan, misalna. Mingkin seueur elmuna, mingkin seueur amalna. Mingkin seueur hartana, mingkin seueur sedekahna, sareng saterasna.

 

Katilu belas, doa jalmi takwa mustajab sareng cariosannana seukeut. Upami nyuhunkeun hiji perkara engal dikabulkeun ku Alloh, upami nyuhunkeun pitulung, tangtos diijabah. Malahan upami nyarios sumpah, tiasa wae kajantenan.

 

Kaopat belas, kanggo jalmi takwa, konci-konci kakayaan langit jeung bumi dibukakeun. Naon kahoyongna diqobul. Tong boro anu dikedalkeun, dalah kahoyong anu digerenteskeun oge sok diijabah, bade ngalangkungan makhluk atanapi malaikat. Malihan, hewan buas oge sakapeung mah sok tunduk ka jalmi anu takwa mah.

 

Hadirin sadayana, tah dua kamulyaan anu terakhir mah seseringna disebat  “karomah”, hartosna perkara luar biasa anu ngalir tina tangan wali hartosna jalmi soleh,  takwa,  sieun ka Alloh, tur dipika asih ku Mantenna, Maka perkara eta mun kaluarna salian ti jalmi takwa, eta mah sanes karomah, tapi khidzlan, istidraj, atanapi idhlal.  Kitu sakumaha dawuh Imam al-Ghazali dina kitab Minhajul ‘Abidin kaca 104-105.

 

Mudah-mudahan urang sadayana sing kalebet jalmi takwa anu kenging rupi-rupi kamulyaan ti Alloh, di dunia miwah akheratna. Amin ya robbal alamin.

 

 بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمِ

 

Khutbah II

 

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْلَنَا وَلِوَالِدَيْنَا وَارْحَمْهُمَا كَمَا رَبَّيَانَا صِغَارًا، اَللّٰهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلاً وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَ تَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 

عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ 

 

M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.