Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Golongan Jalma nu Untung di Akherat
NU Online · Kamis, 21 November 2024 | 15:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Siapa pun pasti menginginkan keuntungan dan kebahagiaan di akhirat. Namun, tidak semua orang bisa mendapatkannya karena hanya beberapa kelompok yang berhak dan bisa mendapatkannya, hal ini sebagaimana tergambar dalam sejumlah ayat dalam Surat Al-Mu’minun.
Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Golongan Jalma nu Untung di Akherat.” Untuk mencetak silahkan klik fitur download berwarna merah di desktop pada bagian atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat!
Khutbah I
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، الْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلَّا اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ
أَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكُمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، قَدْ أَفْلَحَ الْمُؤْمِنُونَ، الَّذِينَ هُمْ فِي صَلَاتِهِمْ خَاشِعُونَ ، وَالَّذِينَ هُمْ عَنِ اللَّغْوِ مُعْرِضُونَ ، وَالَّذِينَ هُمْ لِلزَّكَاةِ فَاعِلُونَ، وَالَّذِينَ هُمْ لِفُرُوجِهِمْ حَافِظُونَ
Hadirin sidang Jumah rohimakummullah
Puji sareng syukur urang sami-sami panjatkeun ka Alloh swt. Dzat anu maha ngatur sareng maparin ni’mat ka sadaya makhluk-Na, kalebet urang sadayana. Sholawat sareng salam anu utami mugi tetep ka pang afdol-afdolna nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw oge ka kulawargina, para sahabatna, para tabiin sareng tabiatna, dugika urang sadayana anu sapapaosna miharep syafaat di yaomil jaza.
Teu hilap, ngalangkungan mimbar anu mulya ieu, khotib seja ngadugikeun kagegelan wasiat, hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan sareng kaimanan ka Alloh swt. Sabab, teu aya jalan keur ngahontal kabagjaan dunya rawuh akherat anging iman sareng takwa ka Alloh swt.
Hadirin sidang Jumah rohimakummullah
Dina Al-Quran, Alloh swt. parantos ngadawuh dina Surat Al-Muminun [23] ayat 1:
قَدْ أَفْلَحَ الْمُؤْمِنُونَ
Hartosna, “Temen-temen pasti meunang kauntungan eta jalma-jalma anu mu’min,”
Imam Al-Maturidi dina Tafsir Al-Maturidi, jilid ka-7, kaca 451, ngajelaskeun, yen maksud “kauntungan” dina eta aya teh nyaeta kabagjaan sareng kameunangan, ima kauntungan di dunya nyakitu keneh kauntungan di akherat.
Upami ningal kana lafaz eta ayat, nu bakal anu meunang kauntungan teh nyaeta jalma-jalma anu ariman. Jadi, syarat utami keur ngahontal kauntungan dunya sareng akherat teh nyaeta iman. Ieu nunjukkeun iman teh jadi fondasi keur sagala rupi amal sanesna. Pangna janten fondasi, sakumaha sae amaliah sanesna, tapi teu didadasaran ku kaimanan mah tetap moal matak nganteurkeun kana kabagjaan.
Hadirin sidang Jumah rohimakummullah
Salajengna, Allah netelakeun sareng nyifatan jalmi iman anu baris ngahontal kabagjaan sareng kauntungan di akherat teh ku sholat anu khusyu, sakumaha dawuhan-Na di ayat selajengna:
الَّذِينَ هُمْ فِي صَلَاتِهِمْ خَاشِعُونَ
Hartosna, “(Ari jalma mu’min teh nyaeta) jalmi anu khusyu’ dina sholatna,” (QS. Al-Mu’minun [23]: 2).
Maksadna, saparantosna urang ngiatkeun kaimanan dina hate, urang pami hoyong ngahontal kabagjaan sareng kauntungan dunya-akherat mah, kedah khusyu’ dina ngalakonan sholat.
Hartosna sholat anu khusyu’ teh sholat anu totalitas lahir jeung batin, sholat raga tur sholat hate nu hartosna anggota badan urang midamel rukun-rukun sholat, bari hate urang manteng emut ka Gusti Alloh. Sanes sholat anu malaweung atanapi poho ka Alloh. Sabab, sholat anu malaweung mah diancam ku Alloh oge dina ayat Al-Quran sanesna kagolong jalmi anu cilaka:
فَوَيۡلٞ لِّلۡمُصَلِّينَ ، ٱلَّذِينَ هُمۡ عَن صَلَاتِهِمۡ سَاهُونَ ، ٱلَّذِينَ هُمۡ يُرَآءُونَ
Hartosna, “Maka cilaka jalma-jalma anu ngalakonan sholat, (nyaeta) anu poho dina sholatna, sareng deui anu riya,” (QS. Al-Ma’un [107]: 5-7).
Salajengna, sifat jalma mu’min anu bakal kenging kauntungan tur kabagjaan di akherat teh nyaeta, jalmi nu malingkeun diri tina perkara heureuy anu teu aya gunana.
وَالَّذِينَ هُمْ عَنِ اللَّغْوِ مُعْرِضُونَ
Hartosna, “Jalmi mu’min teh nyaeta) jalmi anu malengos tina ucap jeung lampah anu teu guna,” (QS. Al-Mu’minun [23]: 3).
Ayat ieu netelakan, keur jalmi anu iman mah sanes hungkul perkara dosa, maksiat, sareng mungkar, dina padamelan anu teu aya gunana oge kedah ditebihan. Naon pangna jalma mu’min kedah nebihan perkara nu teu guna, sabab kadituna sok wani milampah pagawean anu dosa. Ku hal sakitu, jauhan satiap perkara dosa, ku cara ninggalkeun perkara anu teu guna mungguh agama.
Hadirin sidang Jumah rohimakummullah
Saterasna jalmi mu’min nu bakal ngengingkeun kabagjaan sareng kauntungan teh nyaeta jalmi anu ngaluarkeun kana zakat, ima zakat jiwa atanapi zakat harta. Kitu sakumaha dawuhan Alloh dina ayat salajengna.
وَالَّذِينَ هُمْ لِلزَّكَاةِ فَاعِلُونَ
Hartosna, “Jalmi mu’min teh jalmi anu ngaluarkeun kana zakat,” (QS. Al-Mu’minun [23]: 4).
Sifatan sanesna jalmi mu’min nu dijangjikeun kauntungan sareng kabagjaan di akherat teh nyaeta jalmi anu nyumponan hak jiwa sareng hartana. Sabab keur jalmi mu’min, harta mangrupikeun anugrah ti Alloh anu kedah disyukuran kalayan nyumponan hak sareng kawajibannan. Anjeuna sieun di akherat hak zakat eta dibeuratkeun ka dirina. Nu balukarna anjeuna kenging bebendu Allah. Kalih ti eta, kawajiban zakat mangrupikeun bentuk kadeudeuh keur jalma anu fakir.
Salajengna, jalma mu’min anu dijangjikeun kabagjaan ku Alloh teh nyaeta anu ngaraksa kana farjina, kecuali ka istri-istrina. Kitu sakumaha pidawuh Alloh,
وَالَّذِينَ هُمْ لِفُرُوجِهِمْ حَافِظُونَ ، إِلَّا عَلَى أَزْوَاجِهِمْ
Hartosna, “(Jalmi mu’min teh nyaeta) jalmi anu ngaraksa kana farjina,” QS. Al-Mu’minun [23]: 5).
Luyu tur akur kabina-bina nalika jalma mu’min tiasa nebihan padamelan anu hina ieu. Nyaeta padamelan zina dina cohagna. Katambih kaimanan sareng padamelan zina eta dua perkara anu moal pernah tiasa dihijikeun, sakumaha dawuhan Kangjeng Rosul:
لَا يَزْنِي الزَّانِي حِينَ يَزْنِي وَهُو مُؤْمِنٌ
Hartosna, “Nu zina moal milampah zina lamun manehna dina kaayaan iman,” (HR. Ahmad).
Cindekna, jalma nu kasebut mu’min alias nu ngancik kaimanan dina hatena mah bakal ngajauhan sajauh-jauhna pagawean zina, sabab zina pagawean anu kacida gorengna tur dipikabendu ku Alloh, ima zina farji atanapi zina anggota badan sanesna.
Hadirin sidang Jumah rohimakummullah
Saterasna, jalmi mu’min dijangjikeun baris meunang kabagjaan sareng kauntungan ti Alloh teh nyaeta jalmi anu sapapaosna ngaraksa kana amanat. Kitu sakumaha dawuhan Alloh dina ayat salajengna:
وَالَّذِينَ هُمْ لِأَمَانَاتِهِمْ وَعَهْدِهِمْ رَاعُونَ
Hartosna, “(Jalmi anu mu’min teh nyaeta) jalmi anu ngaraksa kana amanat tur nyumponan kana jangjina,” (QS. Al-Mu’minun [23]: 8).
Memang beurat nalika urang ngaraksa amanat. Nanging, teu aya pilihan deui nalika urang miharep kauntungan sareng kabagjaan ti Alloh mah. Urang kedah satekah polah ngajagina. Nyakitu deui dina urusan jangji anu tos dikedalkeun ku urang.
Hanjakalna, ayeuna seueur pisan jalmi anu notolerkeun kana amanat sareng jangji. Ngalangar jangji saolah tos jadi pagawean wajar, padahal eta teh perkara anu dibendu ku Alloh tur ngadeukeutkeun kana karugian dunya nyakitu di akherat.
Terakhir, jalmi mu’min anu baris kenging kauntungan di akherat teh nyaeta anu ngaraksa kana sholatna, sakumaha dawuhan Alloh:
وَالَّذِينَ هُمْ عَلَى صَلَوَاتِهِمْ يُحَافِظُونَ
Hartosna, “Jalma mu’min teh nyaeta jalma anu ngaraksa kana sholatna,” (QS. Al-Mu’minun [23]: 9).
Sanes kanten khusyu’ dina sholat, jalmi mu’min mah kedah ngaraksa kana sholatna. Imma ngaraksa waktuna, ngaraksa anggoannana, ngaraksa tempatna, wa ima ngaraksa kana carana. Sapertosna, midamelna awal waktu, anggoanna bersih tur suci, tempatna di masjid, bari ngalakonannana berjamaah. Tah eta pertingkah sholat jalma mu’min anu sae.
Hadirin sidang Jumah rohimakummullah
Tah eta sadayana sifatan jalma mu’min anu dijangjikeun kenging kauntungan anu luar biasa ti Alloh mangrupikeun kani’matan surga anu teu aya lana alias teu aya tungtungna.
الَّذِينَ يَرِثُونَ الْفِرْدَوْسَ هُمْ فِيهَا خَالِدُونَ
Hartsona, “Jalma mu’min teh nyaeta jalma anu bakal meunang warisan surga Firdaus anu mana aranjeuna lana di jerona,” (QS. Al-Mu’minun [23]: 11).
Bagja kacida keur jalma mu’min, nya dipuji ku Alloh di alam dunyana, nya kenging warisan surga di akheratna. Mugia urang sadayana sing kalebetkeun golongan eta, sabari diikhtiaran satekah polah supaya akur sareng sifatan anu tos ditetelakeun ku Alloh dina kitab suci-Na.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هٰذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ، إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ اَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتْ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ، اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِينَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَة أَمْرِنَا، وأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتي فِيهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنا الّتِي إِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِي كلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Fadli Zon Didesak Minta Maaf Karena Sebut Peristiwa Pemerkosaan Massal Mei 1998 Hanya Rumor
2
Mendesak! Orientasi Akhlak Jalan Raya di Pesantren
3
40 Hari Wafat Gus Alam, KH Said Aqil Siroj: Pesantren Harus Tetap Hidup!
4
LD PBNU Ungkap Fungsi Masjid dalam Membina Umat yang Ramah Lingkungan
5
Mendaki Puncak Jabal Nur, Napak Tilas Kanjeng Nabi di Gua Hira
6
Orang-Orang yang Terhormat, Novel Sastrawan NU yang Dianggap Berbahaya Rezim Soeharto
Terkini
Lihat Semua