Cerpen

Ngadulag

Ahad, 24 Mei 2020 | 20:30 WIB

Oleh Rahmatullah Ading Afandie 
 
Bisa jadi, pedah Ajenganana adi lanceuk, Ajengan pasantren kuring lanceukna (dahuan saenyana mah) Ajengan Cijahe.

Nepi ka sok sarua pangajaran di dua pasantren eta mah. Salian ti kitab-kitabna teh, carana ngajar ge sarua. Nepi ka jiga sakola biasa. Eta bae da lamun aya santri pindah teh, ti pasantren kuring ka Cijahe atawa sabalikna, tara make kudu ngabaru deui ngaji teh. Terus bae nuluykeun hanca.

Hubungan santri-santri na raket deuih. Malah ku raket-raketna, nepi ka aya hiji kabiasaan (tradisi), nu sok dijalankeunnana bulan Puasa mun geus lilikuran. Malem Salawe biasana mah.

Ari kabiasaan teh nya eta "perlombaan ngadulag". Duanana nyodorkeun tiluan tukang nabeuh dulag nu pangtapisna. Engke dipeunteun. Nu meunang angka panggedena, eta nu meunang. Demi nu jadi jurina, salian ti Ajengan ti dua pihakanana teh, sok jeung ngondang nu sejen deuih. Saperti Ajengan Satibi, Ajengan Sulaeman, malah juragan Halipah sagala sok rajeun milu nungkulan.

Unggal taun kitu eta teh. Nu matak cek kuring oge, geus jadi hiji kabiasaan. Teu beda jeung kabiasaan diadu maen-bal nagara Walanda, jeung Belgi. Matok unggal taun. Mun taun ieu dinagara Walanda, taun hareupna di Belgi.

Kitu di pasantren oge. Mun taun ieu perlombaan teh di Cijahe, taun hareupna pasti di pasantren kuring.

Demi ngadulag tea di pasantren mah aya senina. Malah nakol kohkol oge aya senina. Da beda atuh, kohkol memeh dur bedug, kohkol munajat jeung saterusna. Kitu deui ngadulag. Kapan aya dulag kuramas, dulag janari, dulag tadarus, dulag malem Lebaran. Beda-beda eta teh. Tara pacorok. Tara aya dulag tadarus malem Lebaran atawa dulag janari dipake tengah poe mun lilikuran.

Tah di pasantren mah aya onjoyna batan di kampung biasa. Sahan ti aya dulag kuramas, dulag taraweh atawa dulag janari teh, aya dulag lilikuran deuih. Dulag salikur, tilu-likur, salawe, tujuh-likur jeung saterusna. Beda-beda eta teh kabeh oge. Da urang kampung mah sok asa dibejaan ari ngadenge dulag teh. Ku ngadenge turugtugna dulag, ngarasa diingetan yen harita teh geus malem salikur, tilu-likur jeung satuluyna.

Tapi henteu umum ari lagu dulag mah. Hartina henteu di unggal pasatren. Beda-beda, masing-masing boga lagu sarua sorangan. Tah ieu nu dilombakeun teh.
 
Kungsi dua kali puasa kuring ngalaman di pasantren teh. Basa puasa kasakali mah, pasantren kuring nu ngajorag ka Cijahe. Waas ngabrulna, teu beda jeung rek diadu maen-bal. Resep, bari ngabuburit deuih. Ngabring ngiringkeun Ajengan. Sok mekel, panakol bedugna oge. "Pahlawan" nu tilu teh laleumpangna pangdeukeutna ka Ajengan. Teu meunang barangbawa ari jago mah. Kudu ngagandeuang bae, sabab ambeh kuat engke lamun ngadulag.
 
Tinggareyebed. Aya nu dipake biasa sarung teh, aya nu disalindangkeun, aya nu dikongkoyangkeun.
Ngaleut bari nadom. Ari nu disebut nadom teh tembang. Ngan bedana teh ari tembang mah basa Sunda, ari nadom mah basa Arab.
 
Teu sarua jeung pupujian deuih. Ari pupujian mah biasana sok basa Sunda saperti:
mugi Allah ngahampura dosa abdi jsadayana mugi Gusti ngahibaran cahaya karidoan jst... jst
Ari nadom mah saperti kieu:
 
Ya ajjuhalhadirun ja sadati ajjuhal ichwanun alaekum salamun jst... jst
hartina :
 
para hadirin para kanca he dulur-dulur kasalametan keur aranjeun, jst... jst
 
Bulan Puasa kadua kalina pasantren kuring jadi pribumi. Ti tanggal salikur keneh geus ngayakeun "seleksi", milih saha nu baris diasongkeun keur ngawakilan pasantren dina perlombaan. Nu kapeto teh Si Umar, Kang Munir jeung Si Usup. Nu barenteng wungkul. Kang Munir mah malah pangkuatna. Da manehna mah kuateun ngadulag sajam teu eureun-eureun. Kuring mah sapuluh menit oge geus cangkeul. Kaburu asa kempreng leungeun. Kuring mah ngan ukur bisa nakol kohkol. Ngaramekeun. Atawa nakolan kuluwungna. Mun beakeun panakol ku batu.
 
Der perlombaan. Bada Asar eta teh.
 
Eta aya pikasebeleun, Si Umar. Ari kamari mah, aya ku tapis ngadulag teh. Na ari diadukeun mah bet bangun, nu kasima. Da teu puguh bae tungtungna mah. Boro-boro puguh laguna, nakolna ge titatarajong teu puguh. Eta deui nu pangdipercayana, Kang Munir. Da kungsi ngabelentrang kana tarangna sorangan panakol teh. Bakat ku kasima. Nakolna deukeut teuing, Atuh komo geus katakol tarang mah, beuki teu uni. Ngan Si Usup nu rada meueusan teh. Make bisa nakol nepi ka lima genep lagu.
 
Ari ti ditu jaradug enyaan. Da eta mah Si Salim, kana dulag teh mani kawas kana sarikaya. Maksud teh dologna. Da nepi ka nganjiga sagede cinggir panakol bedug teh. Bakat ku bangun hampangeunana. Kuring oge kakara ngadenge dulag sakitu ngareunahna mah. Da mani sada nu tembang bedug teh. Ti harita di pasantren kuring aya kacapangan, "dulag Salim", mun ngadulag nurutan lagu Si Salim.
 
Ari heureuyna, mun aya nu keur ngadulag teh, santri tinggorowok, "Na euy, di pasantren ieu mah panakol bedug teh bet jiga mutu? Mun diganti ku sirah Ajengan. Na euy, bedug teh jiga panyaringan aci? Na euy kuluwung bopeng bet henteu digan ti?" Ger atuh saleuseurian.
 
Eleh harita pasantren kuring teh. Eleh pisan elehna teh. Puguh bae, saruka bungah baralikna urang Cijahe teh.
 
Salusurakan, malah aya nu bari igel-igelan sagala.
 
Nepi ka geus jauh oge, kadenge keneh bae nu salusurakan teh. Keuheul kuring tungtungna mah. Nepi ka pok ka Mang Udin, "Mang Udin, cing engke deui mah urang tangtang maenbal bae, atawa hayang nyaho urang ajak paalus-alus tunil... "
Cek Si Umar nu tas pada nyarekan, "... Ah, urang Cijahe mah meureun marawa jin, da eta panakol bedug kuring karasana teh mani asa jadi pohara beuratna."
Teuing enya kituna teh, teuing enya urang Cijahe teh marawa jin, teuing alesan nu eleh bae eta mah