Khutbah Jumat Sunda: Ningkatkeun Puasa tina Syareat kana Hakekat
NU Online · Kamis, 10 April 2025 | 15:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Bulan Ramadhan sudah berakhir dan kewajiban berpuasa telah selesai. Namun, puasa menjaga anggota badan dan hati belum berbuka. Dalam istilah Syekh Abdul Qadir, puasa syariat boleh berbuka, namun puasa tarekat dan hakekat belum berbuka hingga kita masuk surga dan berjumpa dengan Sang Pencipta.
Maka khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Khutbah Jumat Sunda: Ningkatkeun Puasa tina Syareat kana Hakekat”. Untuk mencetak khutbah ini, silakan klik fitur download berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat!
Khutbah I
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِي هَدَانَا لِلْإِسْلَامِ وَأَرْسَلَ إِلَيْنَا نَبِيَّهُ مُحَمَّدًا أَفْضَلَ الْأَنَامِ، وَفَصَّلَ أَحْكَامَ الصَّلَاةِ وَالصِّيَامِ، وَأَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْمَلِكُ الْعَلَّامُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ أَفْضَلُ مَنْ صَلَّى لِرَبِّهِ وَصَامَ، اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ البَرَرَةِ الْكِرَامِ، وَسَلِّمْ تَسْلِيْماً كَثِيْرًا مَا دَامَتِ اللَّيَالِي وَالْأَيَّامُ
أمَّا بَعْدُ، فَيَاعِبَادَ الرَّحْمٰنِ، فَإنِّي أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَى اللهِ المَنَّانِ، الْقَائِلِ فِي كِتَابِهِ الْقُرْآنِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ ، بِسۡمِ ٱللَّهِ الرَّحۡمَٰنِ الرَّحِيمِ ، فَمَنْ كَانَ يَرْجُوْا لِقَاۤءَ رَبِّهِ فَلْيَعْمَلْ عَمَلًا صَالِحًا وَّلَا يُشْرِكْ بِعِبَادَةِ رَبِّهِ اَحَدًا ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Sarengsena urang ngalaksanakeun puasa syareat salami sasih Ramadhan anu dipungkas ku dintenan lebaran, sumangga urang tingkatkeun puasa urang kana puasa sanesna, nyaeta puasa tarekat sareng puasa hakekat.
Numutkeun Syekh Abdul Qadir Al-Jailani dina kitab Sirrul Asrar, tingkatan puasa urang teh kabagi jadi tilu tingkatan, nyaeta puasa syareat, puasa tarekat, sareng puasa hakekat. Tingkatan pang luhurna nyaeta tingkatan puasa hakekat. Istimewana mah, urang teh dugi kana tingkatan hakeki.
Nanging, urang moal waka tiasa ngahontal tingkatan puasa hakeki lamun teu acan dugi kana dua tingkatan di handapna. Ku hal sakitu, tiluanana peryogi dijentrekeun supados urang gaduh tetegenan keur ngahontalna.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Digambarkeun ku Syekh Abdul Qadir, puasa syareat murih urang nahan haus sareng lapar, oge tina jimak sareng nu janten bojo dina waktos siang. Dina tingkatan ieu, Syekh Abdul Qadir langkung nekankeun aturan sareng katangtosan puasa sacara fiqih atanapi hukum syareat, sepertos syarat, rukun, nu ngabatalkeun, nu ngamakruhkeun, sareng sajabina. Sing saha wae anu puasa kalayan nyumponan sadayana katangtosan eta, maka puasana dianggap neme dugi kana tingkatan puasa syareat.
Sementawis puasa tarekat nyaeta puasa nahan sadayana anggahota badan, kalebet hate, tina sagala rupi perkara anu diharamkeun, perkara anu dilarang, sareng sagala rupi hal anu dicela. Bade nu katinggal atanapi nu teu katinggal, sapertos panyawat ujub, sombong, sareng koret anu ngancik dina jero hate.
Bedana puasa syareat mah sifatna sementara, sedengkeun puasa tarekat mah saumur-umur salami nyawa dikandung ku badan. Nu matak nalika puasa urang mung tiasa nahan dahaga sareng lapar, nanging anggota badan sanesna teu puasa tina paharaman, maka percis sareng anu diuningakeun ku Kangjeng Rosul saw:
رُبَّ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ إِلَّا الْجُوعُ
Hartosna, “Seueur jalmi anu puasa tapi teu kenging nanaon tina saumna kecuali lapar,” (HR. Ahmad).
Mun seug ngaca kana hadits sareng tingkatan puasa tarekat anu neme, maka teu heran seueur jalmi anu puasa ukur sacara syareat hungkul, tapi anjeunna buka sacara tarekat. Sabalikna, seueur oge jalmi anu buka sacara syareat tapi puasa sacara tarekat. Kitu sakumaha diuningakeun ku Tuan Syekh Abdul Qadir dina kitab Sirrul Asrar, kaca 44:
كَمْ مِنْ صَائِمٍ مُفْطِرٍ وَمُفْطِرٍ صَائِمٍ
Hartosna, “Seueur jalmi puasa anu buka, sareng seueur jalmi buka anu puasa.”
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Ku hal sakitu, pantesan amal saum mah diuihkeun ka Allah. Mantenna langsung anu nganiley sareng ngabalesna, sakumaha anu didugikeun dina hadits qudsi.
كُلُّ عَمَلِ ابْنِ آدَمَ لَهُ إِلّا الصِّيَامَ فَإِنَّهُ لِي وَأَنَا أَجْزِي بِهِ
Hartosna, “Sadaya amal turunan Adam eukeurna kecuali saum. Saenya-enyana, puasa eta keur Kaula jeung Kaula anu bakal ngabalesna,” (HR. Al-Bukhari).
Hal ieu nunjukkeun (1) puasa sifatna rahasia sareng Alloh sareng teu katinggal di payuneun manusa, (2) puasa nyaeta ibadah istimewa anu paling dipikacinta ku Alloh, (3) puasa ageung pisan balesanna di payuneun Alloh.
Salajengna, upami puasa syareat mah bukana teh nalika surup panonpoe sareng nalika katinggal hilal sasih Syawal, maka puasa tarekat mah bukana nalika urang lebet ka surga sareng barang tuang ku katuangan-katuangan nu aya di lebetna.
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Terakhir, numutkeun Syekh Abdul Qadir, nyaeta puasa hakekat, puasa nahan hate tina mikacinta ka salian ti Alloh. Nahan sirr tina kahayang disaksian ku salian ti Alloh. Sabab, sirr asalna tina cahaya Alloh, sahingga teu condong ka salian ti Alloh.
Nalika di alam ruh, urang tos jangji sareng ikrar, yen teu aya pangeran anu hak disembah salian ti Alloh, maka saatos aya di alam dunya sakedahna urang ngaku teu aya pangeran anu dituju, teu aya pangeran anu disuhunkeun, teu aya pangeran anu dieling, teu aya pangeran anu dipikacinta salian ti Alloh. Hartosna, lamun kacondongan hate sareng sirr urang ka salain ti Allah, lamun urang inget ka salian ti Alloh, maka batal puasa hakekat urang.
Tah puasa hakekat ieu anu Insyaalloh bakal nganteurkeun jalmi nu midamelna kana dua kabagjaan sakaligus, nyaeta kabahagjaan nalika buka sareng kabahagjaan nalika pendak sareng Rabbul Alamin, sakumaha dina hadits:
لِلصَّائِمِ فَرْحَتَانِ: فَرْحَةٌ عِنْدَ فِطْرِهِ، وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقَاءِ رَبِّهِ
Hartosna, “Keur jalmi anu puasa aya dua kabungahan. Kabungahan nalika buka sareng kabungahan nalika pendak sareng pangeranna,” (HR. Muslim).
Dina leresan ieu urang oge kedah uninga, yen sanaos puasa syareat sareng puasa tarekat tiasa ngajajap midamelna ka surga, tapi teu acan tangtos tiasa ngajajap pendak sareng Nu Maha Kawasa nalika nu midamelna laley dina ngajalankeun puasa hakekat.
Matakna numutkeun Syekh Ibnu A’thaillah sakumaha dikutip ku Syekh Bilal Ahmad Al-Busthami, dina kitab Al-‘Alamat Lis-Salikin, kaca 133, nalika urang miharep uih sareng pendak sareng Alloh, maka pendakan Alloh di dunya keneh.
مِنْ عَلَامَاتِ النَّجْحِ فِي النِّهَايَاتِ اَلرُّجُوْعُ إِلَى اللهِ فِي الْبِدَايَاتِ
Hartosna, “Di antara tanda kasuksesan di akhir (akherat) nyaeta uih ka Allah di awal (dunya).”
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh
Dumasar hal eta, sanaos puasa Ramadhan parantos rengse, waktos puasa syareat parantos seep, tapi puasa tarekat sareng puasa hakekat teu acan buka. Urang masih keneh kedah saum ngajagi sadayana anggota badan tina sagala rupi paharaman. Urang masih keneh kedah puasa ngajagi hate sareng sirr tina condong oge cinta ka salian ti Alloh.
Naon pangna kedah puasa tarekat sareng puasa hakekat. Tadi tos diuningakeun, yen puasa syareat sareng puasa tarekat hungkul teu tiasa ngajajap urang pendak sareng Alloh. Sabab, nu jadi wasilah pendak sareng Alloh mah urang tiasa ngalaksanakeun puasa hakekat, sanes kanten urang rengse ngalaksanakeun puasa syareat sareng tarekat.
Singketna, urang ulah rumaos tos leupas tina Ramadhan, urang ulah rumaos tos buka sareng lebaran, sabab puasa ngajaga paharaman, puasa ngajaga lisan, puasa ngajaga padaharan masih lumangsung. Puasa tarekat sareng hakekat teu acan buka. Margi, buka puasa tarekat sareng hakekat mah jaga nalika urang lebet ka surga sareng pendak sareng Pangeran.
بَارَكَ الله لِيْ وَلَكُمْ فِيْ القُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَنَفَعَنيِ وَاِيّاَكُمْ بِمَافِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ. وَقُلْ رَّبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ ِللّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، أَشْهَدُ أَنْ لَاإِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. فَيَاعِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
قَالَ اللهُ تَعَالىَ فِيْ كِتَابِهِ اْلعَظِيْمِ، إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ أَمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَأًصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ. وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِ التَّابِعِيْنَ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنِ. وَعَلَيْنَا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِماَتِ وَاْلمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ، اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ يَا قَاضِيَ اْلحَاجَاتِ، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلًا وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَتَوْبَةً نَصُوْحًا. اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ مُوْجِبَاتِ رَحْمَتِكَ وَعَزَائِمَ مَغْفِرَتِكَ وَالسَّلاَمَةَ مِنْ كُلِّ إِثْمٍ وَالْغَنِيْمَةَ مِنْ كُلِّ بِرٍّ وَالْفَوْزَ بِالْجَنَّةِ وَالنَّجَاةَ مِنَ النَّارِ، رَبَّنَا أَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهىَ عَنِ اْلفَحْشَاءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat
Terpopuler
1
Fantasi Sedarah, Psikiater Jelaskan Faktor Penyebab dan Penanganannya
2
Rais 'Aam PBNU Ajak Pengurus Mewarisi Dakwah Wali Songo yang Santun dan Menyejukkan
3
Kisah Levina, Jamaah Haji Termuda Pengganti Sang Ibunda yang Telah Berpulang
4
Pergunu Buka Pendaftaran Beasiswa Kuliah di Universitas KH Abdul Chalim Tahun Ajaran 2025
5
Pakai Celana Dalam saat Ihram Wajib Bayar Dam
6
Inses dalam Islam: Dosa Terbesar Melebihi Zina, Dikecam Sejak Zaman Nabi Adam!
Terkini
Lihat Semua