Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngaraksa Sholat sareng Ngama’murkeun Masjid
NU Online · Kamis, 17 April 2025 | 15:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Banyak tradisi dan kegiatan posistif selama bulan Ramadhan. Di antaranya shalat berjamaah, qiyamulail, membaca Al-Quran, dan memakmurkan masjid. Maka alangkah baiknya jika sejumlah kebiasaan itu dipertahankan meski sudah berada di luar Ramadhan.
Maka khutbah Jumat Bahasa Sunda ini berjudul: “Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Ngaraksa Sholat sareng Ngama’murkeun Masjid.” Untuk mencetak khutbah ini, silakan klik fitur download berwarna merah di atas atau bawah artikel ini (pada tampilan desktop). Semoga bermanfaat!
Khutbah I
اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِي أَنْعَمَ عَلَيْنَا وَهَدَانَا إِلَى دِيْنِ الْإِسْلَامِ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدِنِ النَّبِيِّ الْأُمِّيِ الَّذِيْ دَعَانَا إِلَى دِيْنِ الْمَلِكِ الْعَلَّامِ ، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ صَلَاةً وَسَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ عَلى مَمَرِّ الدُّهُوْرِ وَالْأَيَّامِ
أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ اَلْمَلِكُ الْعَلَّامُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ سَيِّدُ الْأَنَامِ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ، حَافِظُوْا عَلَى الصَّلَوٰتِ وَالصَّلٰوةِ الْوُسْطٰى وَقُوْمُوْا لِلّٰهِ قٰنِتِيْنَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ
أُوْصِيُكُمْ عِبَادَ اللهِ وَإِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ وَأَحُثُّكُمْ وَإِيَّايَ عَلَى طَاعَةِ اللهِ وَعَلَى طَاعَةِ رَسُوْلِهِ فِي كُلِّ وَقْتٍ لَعَلَّكُمْ تُقْلِحُوْنَ
Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh
Sasih Ramadhan parantos kalangkung. Sanaos kitu, kagiatan sareng kabiasaan saena mah teu kenging dikantunkeun. Di antawisna ngajagi sholat lima waktu sareng ngama’murkeun masjid. Tangtos kaperhatoskeun ku urang sadayana, sasih Ramadhan mah masjid teh langkung ma’mur, terutami dina wengina. Padahal eta tradisi sae malihan kalebet parentah syareat, anu sakedahna dipertahankeun di lebet atanapi di luar Ramadhan.
Sakumaha kauninga, perentah ngaraksa shalat lima waktu teh parantos diuningakeun dina Al-Quran:
حَافِظُوْا عَلَى الصَّلَوٰتِ وَالصَّلٰوةِ الْوُسْطٰى وَقُوْمُوْا لِلّٰهِ قٰنِتِيْنَ
Hartosna, “Prak raksa sadaya sholat (fardhu) sareng sholat wusṭha. Lakonan karna Alloh (dina sholat) kalayan khusyu’,” (QS. Al-Baqarah [2]: 238).
Dina ayat anu neme, urang parantos ngama’lum naon anu dimaksad ku sholat fardhu, nyaeta shalat anu lima waktu. Salajengna, naon anu dimaksad ku sholat wustha?
Imam Abul Hasan Muqatil bin Sulaiman dina tafsirna kaca 201, nafsirkan yen anu dimaksad sholat wastha dina eta ayat teh nyaeta sholat Ashar. Mungguh bahasa, wustha hartosna sholat pertengahan, sahingga mungkin wae dumasar hal eta, Imam Abul Hasan ngama’naan sholat Ashar.
Sementawis numutkeun Imam Asy-Syafi’i dina tafsirna kaca 409, maksad sholat wustha di dinya teh nyaeta sholat subuh. Margi sholat subuh mangrupikeun sholat nu seueur dikantunkeun kusabab tibrana sare. Katambih waktu subuh nyambung sareng sapertilu malem anu mangrupikeun waktu utama munajat ka Alloh, sahingga urang diperentah keur ngajagina.
Aya oge anu maparin pandangan yen sholat wustha teh nyaeta salah sawios sholat lima waktu anu diistimewakeun, nanging dirahasiakeun nama sareng waktuna. Hikmahna supaya urang giat ngaraksa sareng midamel sadayana sholat anu lima waktu kalayan miharep ngengingkeun kautamaan oge keistimewaan eta sholat. Kitu sakumaha dina Syarah Nashaihul Ibad kagungan Syekh Nawawi, kaca 44.
Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh
Patali sareng ngaraksa sholat, rupina kaol Syekh Nawawi kalintang relevan ngemutkeun yen ku cara ngaraksa sadaya sholat, insya Allah urang bakal ngengingkeun kautamaan shalat wustha. Margi, sholat wustha nyalira salah sawios sholat anu lima, namung dirahasiakeun waktosna ku Alloh.
Sagigireun ti eta, sacara khusus ngaraksa sholat tiasa ditingal tina segi waktu, tempat sareng carana. Patali sareng waktu, ngajagi waktu sholat teh mangrupikeun hal anu utama. Aya sababaraha hadits anu nguningakeun hal eta, di antawisna, hadits riwayat Al-Baihaqi:
أَوَّلُ الْوَقْتِ رِضْوَانُ اللهِ
Hartosna, “Awal waktu teh karidhoan Allah.”
Sementawis hadits sanes nyebatkeun nalika kangjeng Rosul ditaros, “Amal naon anu paling utama?” Mantenna ngawaler:
الصَّلَاةُ فِي أَوَّلِ وَقْتِهَا
Hartosna, “Sholat dina awal waktuna,” (HR. Al-Baihaqi).
Walhasil, di antawis cara ngaraksa sholat teh nyaeta ngaraksa waktuna. Diutamakeun dina awal waktu teh nalika teu aya uzur anu ngahalangan.
Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh
Ngaraksa sholat anu kadua nyaeta ngaraksa tina arah tempatna. Sakumaha anu ku urang kauninga, tempat anu paling utama kanggo ngalaksanakeun sholat teh, terutami pameget, nyaeta masjid. Kautamaannana oge parantos masyhur dina sababaraha hadits, di antawisna:
إِنَّ أَحَدَكُمْ إِذَا تَوَضَّأَ فَأَحْسَنَ الْوُضُوءَ، ثُمَّ أَتَى الْمَسْجِدَ، لَا يُرِيدُ إِلَّا الصَّلَاةَ، ولَا يَنْهَزُهُ إِلَّا الصَّلَاةُ، لَمْ يَخْطُ خَطْوَةً إِلَّا رُفِعَ لَهُ بِهَا دَرَجَةٌ، وَحُطَّ بِهَا عَنْهُ خَطِيئَةٌ، حَتَّى يَدْخُلَ الْمَسْجِدَ
Hartosna, “Saenya-enyana nalika salah sawios aranjeun wudhu teras ngahade-hade wudhuna lajeng lebet ka masjid, teu aya anu diharepkeun anging sholat, teu aya anu ngadorong anging sholat, maka teu pati-pati anjeunna ngalengkah hiji lengkah kecuali diangkat hiji derajat, dihapus hiji kasalahan, dugika anjeuna lebet ka masjid,” (HR. Ahmad).
Malihan lajengan eta hadits nguningakeun, salami urang aya di masjid sareng ngalakonan sholat, sarta teu ngalih tempat sholat, teu batal oge teu nyarioskeun nu sanes, maka para malaikat bakal ngadu’akeun eta jalmi:
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لَهُ، اَللَّهُمَّ ارْحَمْهُ، اَللَّهُمَّ تُبْ عَلَيْهِ
Hartosna, “Ya Alloh, paparin panghampura anjeunna, paparin rohmat anjeunna, oge tampi tobat anjeunna!”
Luyu sareng hadits eta, jalmi anu sapapaosna sholat di masjid oge ngama’murkeun masjid bakal digolongkeun ku Allah kana golongan jalma anu iman sareng taat ka Mantenna, sakumaha dina Al-Quran:
اِنَّمَا يَعْمُرُ مَسٰجِدَ اللّٰهِ مَنْ اٰمَنَ بِاللّٰهِ وَالْيَوْمِ الْاٰخِرِ وَاَقَامَ الصَّلٰوةَ وَاٰتَى الزَّكٰوةَ وَلَمْ يَخْشَ اِلَّا اللّٰهَۗ
Hartosna, “Saenya-enyana anu (pantes) ngama’murkeun masjid-masjid Alloh ukur jalma anu iman ka Alloh sareng Poe Akhir, ngadegkeun sholat, ngaluarkeun zakat, sarta teu sieun (ka sasaha) salian ti ka Alloh,” (QS. At-Taubah [9]: 18).
Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh
Terakhir, urang ngaraksa sholat tina cara ngalakonannana, nyaeta berjamaah. Shalat berjamaah memang tiasa wae dilakonan di bumi, nanging anu langkung utamina mah di masjid. Kalintang masyhur hadits anu nguningakeun kautamaannana, di antawisna hadits:
صَلَاةُ الْجَمَاعَةِ تَفْضُلُ صَلَاةَ الْفَذِّ بِسَبْعٍ وَعِشْرِينَ دَرَجَةً
Hartosna, “Sholat jamaah ngaunggulan sholat nyorangan kalayan 27 darajat,” (HR. Malik).
Ku hal sakitu, kacida istimewana sholat berjamaah di masjid anu kautamaanna 27 kali lipatna tina sholat munfarid atanapi nyorangan. Langkung istimewa deui nalika sholat berjamaah dilakonan kalayan istiqamah, margi pahalana nandingan ibadah haji sareng kabebasan tina siksa seuneu naraka, sakumaha dina hadits:
مَنْ مَشِيَ إِلَى صَلَاةٍ مَكْتُوبَةٍ وَهُوَ مُتَطَهِّرٌ، كَانَ لَهُ كَأَجْرِ الْحَاجِّ الْمُحْرِمِ
Hartosna, “Sing saha-saha anu angkat sholat fardhu dina kayaan suci, maka kanggo anjeunna sapertos pahala jalmi nu angkat haji dina kaayaan ihram,” (HR. Abu Dawud).
Kaunggulan sanesna oge disebatkeun dina hadits sanesna:
مَنْ لَمْ تَفُتْهُ الرَّكْعَةُ الْأُولَى مِنَ الصلَاةِ أَرْبَعِينَ يَوْمًا، كُتِبَ لَهُ بَرَاءَتَانِ: بَرَاءَةٌ مِنَ النَّارِ، وَبَرَاءَةٌ مِنَ النِّفَاقِ
Hartosna, “Sing saha jalma anu teu kakantun rokaat kahiji sholat (berjamaah), maka dituliskeun kanggo manehna dua kabebasan: kahiji kabebasan tina siksa neraka, kadua kabebasan tina sifat munafik,” (HR. Abdur Razzaq).
Sidang Jumat anu dimulyakeun ku Alloh
Tah eta sababaraha kautamaan shalat berjamaah sacara umum. Oge masih seueur deui kautamaan-kautamaan sanesna sacara khusus, sapertos berjamaah Maghrib sami sareng ngahirupkeun sapertilu malem, berjamaah Isya jiga ngahrirupkeun satengahna wengi, oge berjamaah Subuh sami sareng ngahirupkeun sadayana wengi.
Nanging, dina kaayaan teu memungkinkeun, sakirang-kirangna urang mengutamikan berjamaah Subuh. Mugia urang sadayana sareng turunan kalebet golongan jalmi-jalmi anu istiqamah ngaraksa sholat:
رَبِّ اجْعَلْنِي مُقِيمَ الصَّلاةِ وَمِنْ ذُرِّيَّتِي رَبَّنا وَتَقَبَّلْ دُعاءِ ، بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ
اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ، اَللّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ إِيْمَانًا كَامِلًا وَيَقِيْنًا صَادِقًا وَرِزْقًا وَاسِعًا وَقَلْبًا خَاشِعًا وَلِسَانًا ذَاكِرًا وَحَلَالًا طَيِّبًا وَ تَوْبَةً نَصُوْحًا. رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Fantasi Sedarah, Psikiater Jelaskan Faktor Penyebab dan Penanganannya
2
Rais 'Aam PBNU Ajak Pengurus Mewarisi Dakwah Wali Songo yang Santun dan Menyejukkan
3
Kisah Levina, Jamaah Haji Termuda Pengganti Sang Ibunda yang Telah Berpulang
4
Pergunu Buka Pendaftaran Beasiswa Kuliah di Universitas KH Abdul Chalim Tahun Ajaran 2025
5
Pakai Celana Dalam saat Ihram Wajib Bayar Dam
6
Inses dalam Islam: Dosa Terbesar Melebihi Zina, Dikecam Sejak Zaman Nabi Adam!
Terkini
Lihat Semua