Khutbah

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Opat Kaayaan Murangkalih Urang Numutkeun Al-Quran

Rabu, 21 Agustus 2024 | 18:00 WIB

Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Opat Kaayaan Murangkalih Urang Numutkeun Al-Quran

Ilustrasi mainan anak-anak. Sumber: Canva/NU Online

Bagi orang tua, anak adalah ujian dan amanat. Tak hanya itu, anak juga menjadi generasi penerus, anugerah nikmat, dan ladang pahala. Namun, jika orang tua gagal mendidik mereka, bukan mustahil anak akan menjadi musuh. Maka dari itu, orang tua harus bersungguh-sungguh dalam membina dan mendidik mereka. 

 

Maka Khutbah Jumat bahasa Sunda ini berjudul, “Opat Kaayaan Murangkalih Urang Numutkeun Al-Quran.” Melalui khutbah ini, khatib mengajak para orang tua agar lebih mengetahui posisi anak serta bersungguh-sungguh mendidik mereka supaya menjadi anak yang beriman, berbakti, membahagiakan, dan berguna bagi sesama.  

 

Untuk mencetak khutbah ini, silahkan klik fitur download warna merah pada desktop di atas naskah khutbah ini. Semoga bermanfaat.

 

Khutbah I 


الْحَمْدُ لِلّٰهِ الْمُنْعِمِ عَلَى مَنْ أَطَاعَهُ وَاتَّبَعَ رِضَاهُ، اَلْمُنْتَقِمِ مِمَّنْ خَالَفَهُ وَعَصَاهُ، الَّذِى يَعْلَمُ مَا أَظْهَرَهُ الْعَبْدُ وَمَا أَخْفَاهُ، الْمُتَكَفِّلُ بِأَرْزَاقِ عِبَادِهِ فَلاَ يَتْرُكُ أَحَدًا مِنْهُمْ وَلاَيَنْسَاهُ، أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى عَلَى مَاأَعْطَاهُ. أَشْهَدُ أَنْ لآ إِلٰهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةَ عَبْدٍ لَمْ يَخْشَ إِلاَّ اللهَ، وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الَّذِي اخْتَارَهُ اللهُ وَاصْطَفَاهُ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى اٰلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالاَهُ.  

 أَمَّا بَعْدُ، فأَيُّهَا النَّاسُ، اِتَّقُوا اللهَ ، وَتَفَكَّرُوْا فِي نِعَمِ رَبِّكُمْ وَاشْكُرُوْهُ، وَاذْكُرُوا آلَاءَ اللهِ وَتَحَدَّثُوا بِفَضْلِهِ وَلَا تَكْفُرُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ وَهُوَ أَصْدَقُ الْقَائِلِيْنَ، أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، ﴿رَبَّنا هَبْ لَنا مِنْ أَزْواجِنا وَذُرِّيَّاتِنا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنا لِلْمُتَّقِينَ إِماماً﴾، وَقَالَ، ﴿يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ مِنْ أَزْواجِكُمْ وَأَوْلادِكُمْ عَدُوًّا لَكُمْ فَاحْذَرُوهُمْ ﴾،صَدَقَ اللهُ الْعَظِيْمُ وَصَدَقَ رَسُوْلُهُ الْحَبِيْبُ الْكَرِيْمُ وَنَحْنُ عَلَى ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ وَالشّاكِرِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ


Hadirin sidang Jumah rohimakumulloh     


Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka Alloh Robbun Gofur. Dzat anu murbeng alam, Dzat anu maha ngatur sadaya makhluk, Dzat anu maha maparin rezeki sareng rupi-rupi ni’mat ka sadaya ciptaan-Na. 

 

Solawat kalih salam mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, pamingpin para nabi sareng rosul, anu nyandak rohmat ka sadaya alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw. Teu hilap ka kulawargina, para sahabatna, para tabiin sareng tabiatna, dugika urang sadayana anu sapapaosna miharep diangken umatna anu kenging syadaatna dina di yaomil jaza.  


Sateuacan ngalajengkeun khutbah, khotib teu weleh-weleh wasiat ka ahli Jumah sadayana, hayu urang sasarengan ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Sabab, yakin sareng tetela jalmi anu pang mulya-mulyana di payuneun Alloh nyaeta jalmi anu pang takwana. 


Hadirin rahimakumulloh 

Sakumaha kauninga, yen kanggo urang mah murangkalih teh amanah tinu Maha Kawasa, anu kedah dijagi anu saleres-leresna. Kantenan di akherat, eta amanah murangkalih teh kedah dipertangelwalerkeun di payuneun Alloh. 


Ku hal sakitu, hayu urang perhatoskeun kumaha kaayaan saleresna murangkalih urang dina Al-Quran, sareng hayu urang tingkatkeun perhatosan urang ka murangkalih, terutama dina hal ngajagi eta amanah, ngadidik sareng maparin atikan ka aranjeunna.   ​​

Sabab, nalika gagabah urang ngadidik nu janten murangkalih, sanes mustahil di akherat murangkalih urang teh bakal janten musuh nu bakal ngagebruskeun urang kana kasangsaraan. Patokannana tangtos ayat-ayat suci Al-Quran, hadits, sareng katerangan para ulama anu laluhung.  


Patali sareng kaayaan murangkalih dina numutkeun agama ieu, para ulama, salah satunya Ath-Thabari dina kitab Tafsir-nya, Jilid 23, halaman 423, parantos nyebatkeun yen aya sababaraha kaayaan murangkalih: 


Kaayaan nu kahiji, murangkalih teh ujian sareng amanah kanggo ibu ramana, anu kedah diraksa anu kedah ditangelwalerkeun, diurus sasae-saena, dipasihan kadaharan anu halal, sareng dididik ku cara Islam supados dina dewasana janten pribadi anu toat ka Alloh, bakti ka ibu rama, oge kuat mayunan tantangan jaman.  


Murangkalih janten amanah sareng cobaan kanggo ibu ramana sakumaha anu ditetelakaeun dina ayat:  


إِنَّمَا أَمْوَالُكُمْ وَأَوْلَادُكُمْ فِتْنَةٌ وَاللَّهُ عِنْدَهُ أَجْرٌ عَظِيمٌ


Hartosna, “Saenya-enyana harta aranjeun sareng anak-anak aranjeun ukur jadi cobaan (keur aranjeun), sareng di payuneun Alloh eta pahala anu ageung.” (QS. At-Taghabun [64]: 15). 


Dina haditsna, Kangjeng Rasul oge parantos ngadawuh: 

 
كُلُّ مَوْلُوْدٍ يُوْلَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ، فَأَبَوَاهُ يُهَوِّدَانِهِ أَوْ يُمَجِّسَانِهِ أَوْ يُنَصِّرَانِهِ


Hartosna, "Satiap anak anu lahir dilahirkeun dina kaayaan fitroh (suci). Maka ukur ibu ramana anu ngajadikeun Yahudi, Majusi, atanapi Nasrani," (HR Bukhari sareng Muslim). 


Ku sabab kitu, hade gorengna murangkalih gumantung kana atikan sareng didikan anu janten sepuhna. Matak teu aneh, lamun didikanna sae, murangkalih urang bakal jadi pang beberah manah, sareng panglebur kalbu, kadituna bakal janten pamimpin jalmi-jalmi anu takwa. Hal ieu saperti anu diharepkeun dina doa Al-Quran anu sok diaos ku urang sadayana. 


رَبَّنا هَبْ لَنا مِنْ أَزْواجِنا وَذُرِّيَّاتِنا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنا لِلْمُتَّقِينَ إِماماً


Hartosna, “He Gusti pangeran abdi, paparinkeun ka abd sadaya ti istri-istri sareng turunan abdi sadaya, pang beberah manah, sareng jantenkeun abd sadaya pamingpin kanggo jalmi-jalmi anu takwa.” (Q.S. al-Furqan [25]: 74).  


Nanging, darajat eta teh moal kahontal kitu wae. Dibutuhkeun perjuangan anu keras ti urang salaku sepuhna kanggo ngasuh, ngatik, ngabina, sarta ngadidikna, malahan dibutuhkeun biaya anu teu saeutik. Oge nu teu eleh pentingna, nyaeta doa ti urang salaku sepuh sareng ti jalmi-jalmi nu saroleh. 


Sidang Jumah rohimakumulloh

Kaayaan anu kadua, murangkalih teh janten anugerah sareng ni’mat ti Nu Maha Kawasa Allah swt. Anu maparin kabagjaan sareng sakedahna disyukuran ku urang salaku orang tuana. Sakumaha dawuhan-Nana dina serat Asy-Syura ayat 49-50 di handap ieu:


لِلّٰهِ مُلْكُ السَّمٰوٰتِ وَالْاَرْضِۗ يَخْلُقُ مَا يَشَاۤءُ ۗيَهَبُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ اِنَاثًا وَّيَهَبُ لِمَنْ يَّشَاۤءُ الذُّكُوْرَ 


Hartosna, “Ukur kagungan Alloh karajaan langit sareng bumi; Mantenna nyiptakeun sagala anu ku Mantenna dikersakeun, maparin murangkalih istri ka saha wae anu ku Mantenna dikersakeun sareng maparin murangkalih pameget ka saha wae anu ku Mantenna dikersakeun,” (QS. asy-Syura [26]: 49).


Loyog sareng eta ayat, murangkalih teh oge maparin kabagjaan sabab janten perhiasan sakumaha anu diuningakeun dina ayat Al-Quran sanesna: 

 
الْمَالُ وَالْبَنُونَ زِينَةُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا 


Hartosna, “Harta sareng anak teh eta perhiasan kahirupan dunya,” (QS. Al-Kahfi [18]: 46). 


Nanging, peryogi diemut ku urang sadayana, yen kecintaan urang ka murangkalih urang ulah rek kalalanyoan sahingga ngalaleykeun kana ibadah sarta dzikir ka Alloh, sakumaha dina dawuhan-Nana. 


يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا تُلْهِكُمْ أَمْوَالُكُمْ وَلَا أَوْلَادُكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللَّهِ وَمَنْ يَفْعَلْ ذَلِكَ فَأُولَئِكَ هُمُ الْخَاسِرُونَ


Hartosna, “He jalma-jalma anu iman, harta sareng anak-anak aranjeun ulah rek ngalaleykeun kana eling ka Alloh. Sing saha jalma anu migawe kitu maka maranehna teh jalma-jalma anu rugi,” (QS. Al-Munafiqun [63]: 9).  


Sidang jumah anu dimulyakeun ku Alloh 

Kaayaan anu katilu, anak teh penerus turunan urang. Kalahirannana janten penerus cita-cita hirup sareng kelestarian urang salaku orang tuana. Komo mun eta anak teh kaayaanna soleh, nyaeta anak anu sikep sareng prilakuna nunjukkeun kaimanan, katakwaan, sareng kapasrahan ka Alloh. 

 

Sajabi ti eta, tangtosna maparin mangpaat ka papada manusa. Tah eta kasolehan teh sakaligus nunjukkeun diqobulna doa sareng impian dua orang tuana, sakumaha anu digambarkeun dina kisah Nabi Ya’qub as.: 


اَمْ كُنْتُمْ شُهَدَاۤءَ اِذْ حَضَرَ يَعْقُوْبَ الْمَوْتُۙ اِذْ قَالَ لِبَنِيْهِ مَا تَعْبُدُوْنَ مِنْۢ بَعْدِيْۗ قَالُوْا نَعْبُدُ اِلٰهَكَ وَاِلٰهَ اٰبَاۤىِٕكَ اِبْرٰهِيْمَ وَاِسْمٰعِيْلَ وَاِسْحٰقَ اِلٰهًا وَّاحِدًاۚ وَنَحْنُ لَهٗ مُسْلِمُوْنَ 


Hartosna, "Naha anjeun jadi saksi nalika maot mapagkeun Yakub, nalika anjeuna naros ka murangkalihna, ‘Naon nu bakal ku anjeun sembah samaot kaula?’ Aranjeuna ngajawab, ‘Kaula bakal nyembah pangeran salira sareng pangeran aki moyang salira, nyaeta Ibrahim, Ismail sareng Ishak, (nyaeta) Pangeran anu Maha Tunggal sareng kaula (ukur) pasrah Mantenna," (QS. Al Baqarah [2]: 133).


Sidang jumah anu dimulyakeun ku Alloh 

Kaayaan nu kaopat, murangkalih teh ladang pahala keur ibu ramana. Dina hal ieu, urang tiasa merhatoskeun hadits Kangjeng Rosul anu netelakeun:  


إذَا مَاتَ الإِنْسَانُ انْقَطَعَ عَمَلُهُ إلاَّ مِنْ ثَلاَثَةٍ: صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ، أَوْ عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ، أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُو لَهُ


Hartosna, “Nalika manusa maot maka pegat sagala amalna kecuali tilu perkara: nyaeta sedekah jariyah, elmu anu mangpaat sareng anak soleh anu salawasna ngadoakeun,” (HR. Muslim).  

    
Nanging, lamun urang salaku orang tua gagabah dina ngadidik murangkalih, maka eta murangkalih teh bakal janten musuh keur urang. Hal ieu tos diperingatkeun dina ayat Al-Quran. 


يا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِنَّ مِنْ أَزْواجِكُمْ وَأَوْلادِكُمْ عَدُوًّا لَكُمْ فَاحْذَرُوهُمْ 


Hartosna, "He jalma-jalma anu iman, saestuna di antara istri-istri sareng anak-anak aranjeun aya anu bakal jadi musuh keur aranjeun, matak kudu ati-ati aranjeun ka maranehna." (QS. At-Taghabun [64]: 14). 


Numutkeun ulama tafsir, maksud musuh di dieu teh nyaeta jadi pihak yang ngahalang-halang kana jalan Allah, megatan kana jalan kataatan. Nanging aya oge ulama tafsir anu ngajelaskeun, maksud musuh di dieu teh nyaeta musuh dina poe Kiamat, dimana antara orang tua sareng anak, antara dulur jeung dulur lain tiba ukur dipisahkeun, tapi oge mumusuhan, malahan saling gugat, akibat hak masing-masing teu dicumponan sawaktu di alam dunya. 

 

لَنْ تَنْفَعَكُمْ أَرْحَامُكُمْ وَلَا أَوْلَادُكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ يَفْصِلُ بَيْنَكُمْ 


Kitu pisan pepeling Alloh dina Al-Quran, anu hartosna, “Karib kerabat sareng anak-anak aranjeun sama sakali moal aya mangfaat keur aranjeun dina poe Kiamah. Mantenna bakal misahkeun antara aranjeun,” (QS. Al-Mumtahanah [60]: 3). 

 

Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh

Tah eta kaayaan murangkalih sakumaha anu dijelaskeun dina Al-Quran sareng hadits. Mugia wae murangkalih urang janten murangkalih anu saroleh, iman ka Alloh, bakti ka ibu rama, oge guna ka sasama, kalayan mugia murangkalih urang janten qurrata a’yun alias panglebur kalbu pang beberah manah anu ngagaduhan akhlak talajak anu mulya dugika janten pamimpin jalma-jalma anu takwa. Amin ya robbal alamin.  

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ، أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرّحِيْمُ


Khutbah II  


 
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ أَمَرَنَا بِاْلاِتِّحَادِ وَاْلاِعْتِصَامِ بِحَبْلِ اللهِ الْمَتِيْنِ. أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ، إِيَّاهُ نَعْبُدُ وَإِيَّاُه نَسْتَعِيْنُ. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ، اِتَّقُوا اللهَ مَا اسْتَطَعْتُمْ وَسَارِعُوْا إِلَى مَغْفِرَةِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَاأَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ أَجْمَعِيْنَ

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ وَيَا قَاضِيَ الْحَاجَاتِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّحِمِيْنَ.  اللَّهُمَّ إِنَّا نَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ جَهَنَّمَ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَسِيحِ الدَّجَّالِ وَنَعُوذُ بِكَ مِنْ فِتْنَةِ الْمَحْيَا وَالْمَمَاتِ، اَللَّهُمَّ أَحْيِنَا حَيَاةَ السُّعَدَاءِ وَ أَمِتْنَا مَوْتَ الشُّهَدَاءِ وَاحْشُرْنَا يَوْمَ الْقِيَامَةِ مَعَ الرُّسُلِ وَالْأَنْبِيَاءِ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.  

 

إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيتَآئِ ذِي الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَآءِ وَالْمُنكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَادْعُوْهُ يَسْتَجِبْ لَكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.

 

Ustadz M. Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.