Khutbah Jumat Bahasa Sunda: Judi Hiji Pagawean Telenges Jeung Loba Bahayana
NU Online · Rabu, 3 Juli 2024 | 07:00 WIB
M. Tatam Wijaya
Kolomnis
Belakangan ini cukup marak permainan judi online. Korbannya pun sudah cukup banyak. Padahal, judi merupakan perbuatan keji dan sangat merugikan, baik bagi pelakunya maupun orang-orang di sekitarnya.
Maka, dengan khutbah Jumat bahasa Sunda berjudul: “Judi Hiji Pagawean Telenges Jeung Loba Bahayana.” Diharapkan siapa pun sadar akan bahaya dan dampak judi. Bukan semata dampak dilihat dari kacamata agama, tetapi juga dampak secara sosial, finansial, mental, dan sebagainya. Untuk mencetak naskah khutbah Jumat ini, silakan klik ikon print berwarna merah di atas atau bawah artikel ini.
Khutbah I
اَلْحَمْدُ لِلهِ الْعَلِيْمِ الْحَكِيْمِ، اَلْقَدِيْرِ الرَّحِيْمِ؛ أَبَاحَ لِعِبَادِهِ الطَّيِّبَاتِ، وَحَرَّمَ عَلَيْهِمُ الْخَبِيْثَاتِ؛ رَحْمَةً بِهِمْ، وَرِعَايَةً لِمَصَالِحِهِمْ، وَتَحْقِيْقًا لِمَنَافِعِهِمْ، وَدَفْعًا لِلضَّرَرِ عَنْهُمْ، نَحْمَدُهُ عَلَى مَا هَدَانَا وَاصْطَفَانَا، وَنَشْكُرُهُ عَلَى مَا أَوْلَانَا وَأَعْطَانَا، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ الْكَبِيْرُ الْمُتَعَالُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، بَيَّنَ الْحَرَامَ وَالْحَلَالَ، اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلي سَيِّدِنَا محمد وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ صَلَاةً وَسَلَاماً دَائِمَيْنِ مُتَوَاصِلَيْنِ مَا تَعَاقَبَ الْغُدُوُّ وَالْآصَالُ. عِبَادَ اللهِ، اِتَّقُوْا اللهَ تَعَالَى وَأَطِيْعُوْهُ، قَالَ اللهُ تَعَالَى: يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ اتَّقُواْ اللّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُم مُّسْلِمُونَ. وَقَالَ: يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّمَا الْخَمْرُ وَالْمَيْسِرُ وَالْاَنْصَابُ وَالْاَزْلَامُ رِجْسٌ مِّنْ عَمَلِ الشَّيْطٰنِ فَاجْتَنِبُوْهُ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ، صَدَقَ اللهُ الْعَظيْمُ
Sidang Jumah anu dimulyakeun ku Alloh,
Puji kalih syukur urang panjatkeun ka Gusti anu Maha Suci. Alloh Robbul Izzati. Shalawat kalih salam mugia salawasna sing dilimpahkeun ka Panutan Alam, ya’ne Kangjeng Nabi Muhammad saw.
Langkung ti payun, khotib seja ngadugikeun wasiat ka sadaya ahli Jumah, hayu urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Alloh swt. Takwa ngandung hartos ngalaksanakeun sagala rupi parentah Alloh sareng nebihan larangan-Nana.
Hadirin anu mulya
Salah sawios perkara nu dilarang ku Alloh swt nyaeta pagawean judi, anu dina Al-Quran diistilahkeun maysir. Ieu pagawean teh kalebet pagawean keji, telenges, loba bahayana, sareng kaasup pagawean setan. Sahingga haram hukumna keur ka jalma mu’min-mu’minat jeung wajib ninggalkeunnana. Kitu pisan numutkeun serat Al-Maidah ayat 90:
يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْٓا اِنَّمَا الْخَمْرُ وَالْمَيْسِرُ وَالْاَنْصَابُ وَالْاَزْلَامُ رِجْسٌ مِّنْ عَمَلِ الشَّيْطٰنِ فَاجْتَنِبُوْهُ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ
Hartosna, “He jalma-jalma anu ariman! Saenya-enyana ari nginuman keras, judi, (korban keur) berhala, sareng ngundi nasib ku anak panah teh eta pagawean anu telenges oge kaasup pagawean setan. Maka jauhan ku aranjeun (sadayana pagawean teh) supaya aranjeun meunang kauntungan,” (QS. Al-Maidah [5]: 90).
Peryogi kauninga yen ari pagawean judi eta tos aya ti zaman baheula. Bentukna aya nu ku kartu, ku anak panah, nu ku bola, ku angka, sareng sajabina. Bedana, lamun baheula bentukna tradisional, kiwari mah dimana teknologi beuki maju judi leuwih rupi-rupi jeung leuwih modern bentukna.
Malahan, kiwari pisan mah aya judi online atawa judi daring. Di internet geus teu kaitung jumlah situsna anu sakabehana nawarkan rupa-rupa permainan judi anu online 24 jam.
Layakna hiji parusahaan, agen judi kiwari ngabogaan tim pamasaran anu ahli jeung pahade-hade nawarkeun permaenan judina, sahingga teu saueutik jalma anu kabita jeung tigebrus jadi korbanna.
Hadirin sidang Jumah anu mulya,
Maka berangkat tina fenomena anu pikasediheun eta, ngalangkungan ieu minbar, khotib teu weleh-weleh peupeujeuh ka sadayana, hayu urang ngajaga diri jeung ngajauhan pagawean judi anu tos jelas-jelas diharamkeun ku Alloh.
Sing emut, yen judi lain jalan keur ngahasilkan duit. Sakali deui, judi lain cara keur ngahasilkeun duit. Alloh sareng rosul-Na tos peupeujeuh ka urang supaya ninggalkeun pagawean judi. Dina hadis riwayat Abu Dawud, disebatkeun:
أَنَّ نَبِيَّ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ نَهَى عَنِ الْخَمْرِ وَالْمَيْسِرِ وَالْكُوْبَةِ وَالْغُبَيْرَاءِ
Hartosna, “Saenya-enyana Nabi saw. tos ngalarang nginum khamr, maen judi, Kubah, sareng Ghubaira’.”
Kubah hartiosna ngajual barang ku dadu, sedengkeun ghubaira’ ngaeta inuman keras anu dijieun tina sisikian. Hukumna jelas disepakati para ulama haram dumasar kana ayat anu diluhur. Malahan, Imam Ibnu Hajar al-Haitsami, salah sawios ulama mazhab Syafii ngalebetkeun pagawean judi ieu dina daftar al-Kabair alias dosa-dosa gede, sakumaha dina kitabna Az-Zawajir ‘an Iqtiraf al-Kabair.
Naon pangna Alloh miwarang hamba-Na ngajauhan judi?
Dina Al-Quran, memang nu dianggo istilah fajtanibu, anu hartosna kudu ngajauhan aranjeun kabeh kana judi. Tapi numutkeun para ulama, makna ngajauhan leuwih kuat tibatan haram. Sabab, ngajauhan hartosna teu meunang ngadeukeutan. Sahingga ngadeukeutan hungkul oge geus teu meunang, komo deui lamun migawe atawa terlibat permaenan.
Salajengna, kunaon Allah marentah urang keur ngajauhan judi? Sabab, judi kalebet salah sawios pagawean anu nimbulkeun permusuhan sareng kadengkian. Teu saeutik jalma anu tos kajerat judi ruksak hubungannana, ima jeung sasamana, jeung pamajikannana, jeung orang tuana, sareng tatanggana. Hal eta teu tiasa dileupaskeun judi salaku pagawean setan, sareng deui setan resep nimbulkeun papaseaan jeung permusuhan.
Kalih ti eta, judi oge matak mohokeun diri ka Alloh, mohonkeun diri kana solat, sareng mohokeun diri kana jalan kahadean. Mangga urang titenan ayat suci Al-Quran anu netelakeun ruksak sareng bahayana pagawean judi:
اِنَّمَا يُرِيْدُ الشَّيْطٰنُ اَنْ يُّوْقِعَ بَيْنَكُمُ الْعَدَاوَةَ وَالْبَغْضَاۤءَ فِى الْخَمْرِ وَالْمَيْسِرِ وَيَصُدَّكُمْ عَنْ ذِكْرِ اللّٰهِ وَعَنِ الصَّلٰوةِ فَهَلْ اَنْتُمْ مُّنْتَهُوْنَ
Hartosna, “Ku inuman keras sareng judi teh, setan ngamaksud nimbulkan permusuhan sareng kabencian di antara aranjeun, sareng ngahalang-halang aranjeun tina eling ka Alloh sareng migawe sholat, maka kunaon aranjeun henteu ngeureunan?” (QS. al-Maidah [5]: 91).
Kaduana, judi kalebet pagawean ngadahar harta batur ku cara batil. Sing emut yen dina judi teh aya praktek sareng transaksi anu teu dibenerkeun ku hukum Islam. Mangga ku urang perhatoskeun, nalika para pamaen judi ngaluarkeun duit taruhan, teras dikumpulkeun sareng dimaenkeun ku bandar. Kanggo hadiahna dicandak tina duit taruhan tadi.
Di dieu jelas, nu meunang bakal bungah sementara nu eleh kuciwa, haneueul, malah kadituna mah ambek. Ku sabab panas kunu meunang sareng panasaran hayang meunang, akhirna nu eleh maen deui. Kitu saterusna hingga ka nyanduna ngaluarkeun duit kanggo judi.
Tah transaksi anu ngarugikeun samodel kitu teh teu dibenerkeun ku Islam. Matak Alloh dina Al-Quran parantos peupeujeuh supaya urang ulah wani-wani ngadahar harta batur ku cara zolim jeung batil.
وَلَا تَأْكُلُوْٓا اَمْوَالَكُمْ بَيْنَكُمْ بِالْبَاطِلِ
Hartosna, “Jeung ulah rek ngadahar aranjeun kana harta di antara aranjeun ku jalan anu batil,” (QS. al-Baqarah [2]: 188).
Sidang Jumah rohimakumulloh,
Walhasil, judi teh loba pisan bahayana, ti kawit gangguan mental kusabab kacanduan, tindakan kriminal, karugian finansial, sareng konflik internal. Sareng masih seueur deui akibat goreng sanesna anu ditimbulkeun tina judi teh, ima anu langsung dirasakeun ku para pelakuna atanapi ku jalmi-jalmi anu aya di sagigireunnana.
Ku hal sakitu, hayu urang sami-sami nyegah diri urang sareng jalmi-jalmi nu aya di sagigireun urang tina pagawean judi. Urang sing sieun ku bebendu sareng siksaan Alloh. Ulah rek nyoba-nyoba pagawean keji eta, sabab geus tigebrus mah bakal kalalanjoan.
Keur dulur-dulur anu geus pernah atawa geus kacanduan, geura eureunan, sabab teu aya jalma beunghar tina perjudian. Anggur mah geura tobat, salagi masih ayah kasempetan.
Mugia Alloh swt ngahampura kalepatan urang sadayana. Hayu urang buka lembaran anyar anu bersih rina rupa-rupa pagawean keji jeung munkar, sareng minuhannana ku rupa-rupa pagawean hade sareng cara-cara anu halal.
أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الْمُسْلِمِيْنَ مِنْ كُلِّ ذَنْبٍ، فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ.
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ حَمْدًا كَمَا أَمَرَ. أَشْهَدُ أَنْ لَااِلَهَ اِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ، اِلَهٌ لَمْ يَزَلْ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ وَكِيْلًا. وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَحَبِيْبُهُ وَخَلِيْلُهُ، أَكْرَمِ الْأَوَّلِيْنَ وَالْأَخِرِيْنَ، اَلْمَبْعُوْثِ رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ أَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ كَانَ لَهُمْ مِنَ التَّابِعِيْنَ، صَلَاةً دَائِمَةً بِدَوَامِ السَّمَوَاتِ وَالْأَرْضِيْنَ. عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ عَزَّ وَجَلَّ حَيْثُ قَالَ تَبَارَكَ وَتَعَالَى، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ، إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا
اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ, كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ العَالَمِيْنَ اِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ الْاَحْيَآءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ، اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنَا دِينَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَة أَمْرِنَا، وأَصْلِحْ لَنَا دُنْيَانَا الَّتي فِيهَا مَعَاشُنَا، وَأَصْلِحْ لَنَا آخِرَتَنا الّتِي إِلَيْهَا مَعَادُنَا، وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لَنَا فِي كلِّ خَيْرٍ، وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لَنَا مِنْ كُلِّ شَرٍّ، رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ، اِنَّ اللهَ يَأْمُرُبِالْعَدْلِ وَالْاِحْسَانِ وَاِيْتَاءِ ذِيْ الْقُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذْكُرُوْا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرُكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ
M Tatam Wijaya, Penyuluh dan Petugas KUA Sukanagara-Cianjur, Jawa Barat.
Terpopuler
1
Fantasi Sedarah, Psikiater Jelaskan Faktor Penyebab dan Penanganannya
2
Rais 'Aam PBNU Ajak Pengurus Mewarisi Dakwah Wali Songo yang Santun dan Menyejukkan
3
Kisah Levina, Jamaah Haji Termuda Pengganti Sang Ibunda yang Telah Berpulang
4
Pergunu Buka Pendaftaran Beasiswa Kuliah di Universitas KH Abdul Chalim Tahun Ajaran 2025
5
Pakai Celana Dalam saat Ihram Wajib Bayar Dam
6
Inses dalam Islam: Dosa Terbesar Melebihi Zina, Dikecam Sejak Zaman Nabi Adam!
Terkini
Lihat Semua